NU ILANG PEUTING IEU

Minggu, 30 Juli 2017

Yasana: Kang Emsur

Peuting ieu
Aya sagurat pangharepan anu ilang
Ngawang kaliud séahna angin
Ngapak langit meuntas jerona méga

Saudat rasa nyangkaruk saukur kuciwa jero dada
Ngagurat lir panjangna kahayang
Ngampar lir legana dunya

Naha Naon
Anu jadi sabab ilang
Lain angin padahal anu mawa ilang
Lain hujan caina anu mawa palid

Teuing naha éta gurat pangharepan ilang
Ilang katutup ku méga

Tapi
Geuning apan itu méga
Anu jadi saksi ilangna ieu pangharepan.

#SCS_Sajaksunda_Emsur.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

NYAWANG HAREPAN

Sabtu, 29 Juli 2017

Yasana: Intan Suryani

Simpéna peuting nganteur lamunan
Mapag sawangan pangharepan
Jangji nu kungsi kedal harita ti salira
Nyandak kabagja dina unggal rénghapna dada

Hiliwir angin tanding miwarta
Mapag lamunan, tan mégég implengan
Tilam nu nganteur impénan
Mapag harepan nu bakal kasorang
Kamelang teu janten udagan
Muntang kayakinan ka Nu MahaWenang
Mugia tinekanan dina nyawang harepan.

#SCS_SajakSunda_IS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

NAMPIK BADAMI

Senin, 17 Juli 2017

Yasana: Al Nafi Naqishoti

Lain dipahing dina embung
Tapi kudu eureun dina ulah
Duriat nu méh jarat
Kiwari tatu katungkup jucung

Engkang ...?
Geuning luluasan
Ngarumpak gurat duriat
Garis leuir nampik badami

Engkang ...?
Lain kalangkang nu disawang
Diberik becir ditongton ngoconan
Seug dipiéling
Tansah haranghangna kandaga bayah

Engkang ...?
Ukur ati nu gumati
Napak dina sela méga
Anggepan tanda niskarana.

#SCS_Sajaksunda_ANN.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!