NU ILANG PEUTING IEU

Minggu, 30 Juli 2017

Yasana: Kang Emsur

Peuting ieu
Aya sagurat pangharepan anu ilang
Ngawang kaliud séahna angin
Ngapak langit meuntas jerona méga

Saudat rasa nyangkaruk saukur kuciwa jero dada
Ngagurat lir panjangna kahayang
Ngampar lir legana dunya

Naha Naon
Anu jadi sabab ilang
Lain angin padahal anu mawa ilang
Lain hujan caina anu mawa palid

Teuing naha éta gurat pangharepan ilang
Ilang katutup ku méga

Tapi
Geuning apan itu méga
Anu jadi saksi ilangna ieu pangharepan.

#SCS_Sajaksunda_Emsur.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

NYAWANG HAREPAN

Sabtu, 29 Juli 2017

Yasana: Intan Suryani

Simpéna peuting nganteur lamunan
Mapag sawangan pangharepan
Jangji nu kungsi kedal harita ti salira
Nyandak kabagja dina unggal rénghapna dada

Hiliwir angin tanding miwarta
Mapag lamunan, tan mégég implengan
Tilam nu nganteur impénan
Mapag harepan nu bakal kasorang
Kamelang teu janten udagan
Muntang kayakinan ka Nu MahaWenang
Mugia tinekanan dina nyawang harepan.

#SCS_SajakSunda_IS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

NAMPIK BADAMI

Senin, 17 Juli 2017

Yasana: Al Nafi Naqishoti

Lain dipahing dina embung
Tapi kudu eureun dina ulah
Duriat nu méh jarat
Kiwari tatu katungkup jucung

Engkang ...?
Geuning luluasan
Ngarumpak gurat duriat
Garis leuir nampik badami

Engkang ...?
Lain kalangkang nu disawang
Diberik becir ditongton ngoconan
Seug dipiéling
Tansah haranghangna kandaga bayah

Engkang ...?
Ukur ati nu gumati
Napak dina sela méga
Anggepan tanda niskarana.

#SCS_Sajaksunda_ANN.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

KEUR ANJEUN

Rabu, 12 Juli 2017

Yasana: Lodaya Bayangan

Rumasa Enung...
Kanyaah teu daék suda
Wuwuh tetep pageuh napel
Na jagat jeroeun dada

Rumasa kembang
Pasini geuning teu jadi
Papastén mungkas pangantén

Diri nu leuir
Raga nu teu wasa
Teu mipit mangsa keur seungit
Mupusti asih sajati
Talobéh reujeung campoléh

Kiwari Enung...
Rumpaka tinggal tunggara
Haleuang nyuatan rasa
Dangding ukur mawa kingkin

Hampura...
Mun rasa ukur pinuh ku pangdunga
Mugia salira kenging bagja
Sawarga geusan cicingna

#SCS_SajakSunda_LB.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

KUCUR SUBUH

Yasana: Dadali Manting.

Dina lebah tutugan waktu
Salira tanggah murak sinar
Ras mapag pajar sumebar
Salira ranggah mundut lumaku

Komara mangsa
Léngkah léah ras nyepuhan
Daun hari kahapit pati
Sinar mangsa laas katara

Keur pamingpin misti tigin
Neuteup dinten punggawana
Na, ku teungteuingeun?
Heuleut saharita narah

"Paralun kudu nyungkun,"
Antukna laput teu unggul tuhu
Ngan kucurna nyimbeuan négla.

#SCS_Sajaksunda_Linting.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!